B. Daerah

Pertanyaan

Iraha asupna wangun sajak kana sastra sunda teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Wangun sajak asup kana sastra Sunda nyaeta sakitar taun 1946. Anu minangka munggaran pangarang Sunda ngarang sajak dina taun 1946 eta teh nyaeta Kis WS. Sajak teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Dina mangsa munggaran gelarna dina sastra Sunda, kana sajak teh aya anu pro jeung aya oge anu kontra.

    Anu jadi sabab, ceuk anu kontra kana sajak, harita mah sajak teh kacirina aneh cenah umpama dibandingkeun jeung wangun puisi Sunda lianna, sabab sajak henteu sarua jeung ilaharna wangun puisi Sunda anu kauger ku patokan, saperti kauger ku patokan pupuh.

    Tapi, sabenerna mah saacan sajak dipikawanoh ku sastrawan Sunda, dina sastra Sunda oge geus aya karya sastra Sunda dina wangun puisi anu rumpakana teu kauger ku patokan, nyaeta saperti kawih. Kukituna, akhirna sajak bisa ditarima kalayan bisa tumuwuh dina sastra Sunda.

Pertanyaan Lainnya