Rangkuman cerita si kabayan marak?
B. Daerah
keyshamaharanib2
Pertanyaan
Rangkuman cerita si kabayan marak?
1 Jawaban
-
1. Jawaban linahajarotulap39r3g
"Si Kabayan Marak" kacaritakeun hiji mangsa Si Kabayan jeung masarakat dipenta ku kokolot nu aya di kampungna pikeun digawe ngala lauk di walungan keur ngabageakeun semah anu bakal datang ti ti dayeuh. Si Kabayan jeung masarakat di kampungna digawe nepika bobolokot kesang ngalaan lauk di walungan anu samemehna geus disaatkeun. Sabot Si Kabayan nyokot hiji lauk anu rada gede, anu maksudna mah hayang ngasaaan, eta Si Kabayan teh dicaram ku kokolot nu aya. Si Kabayan ngan saukur meunang ngasaan lauk anu laleutik wungkul. Si Kabayan neangan cara kumaha sangkan manehna teh bisa ngasaan lauk anu gede, henteu ngan saukur lauk leutik.
Teu lila ti dinya, Si Kabayan hanjat tina eta walungan, manehna terus meuleum lauk, teu lila sanggeus ngasaan lauk meunang meuleum, Si Kabayan ngadak-ngadak gogorowokan jeung gugulingan bari nyekel beuteungna. Cenah manehna teh nyeri beuteung saanggeus dahar lauk. "Meureun karacunan!", ceuk Si Kabayan. Nempo Si Kabayan gugulingan jeung gogorowokan kitu, kokolot di dinya marentahkeun supaya ngala laukna pindah ka walungan anu aya di tempat sejen, anu laukna henteu karacunan cenah. Sanggeus anu ngarala lauk pindah, Si Kabayan gancang wae ngalaan lauk anu ditinggalkeun. Sihoreng Si Kabayan teh ngabohong supaya manehna bisa ngasaan lauk anu garede.

Dongeng Si Kabayan Marak teh miboga pesen moral anu kuat, yen dina unggal kahirupan teh kadang aya jalma anu kudu bobolokot kesang digawe tapi hirupna susah, tapi aya oge jalma anu henteu digawe tapi hirupna teh ngeunah bari jeung teu inget ka batur anu keur susah. Intina mah, anu jadi pesen moral tina eta dongeng Si Kabayan Marak teh nyaeta yen jadi jalma teh kudu inget ka batur anu keur susah, ulah ngan saukur hayang ngeunah hirup sorangan bae komo bari jeung teu digawe mah.